Jurusan Sastra Sunda Unpad; Ti Ngadeg nepi ka Belejag

Ngadegna Universitas Padjadjaran (Unpad) teu leupas tina kamelang kolot-kolot urang (masarakat Sunda) kana perluna lembaga atikan formal di Jawa Barat. Tatar Sunda kudu boga lembaga Universitas nu mihak ka urang Sunda tur mibanda rupa-rupa disiplin élmu. Tujuanana tangtu jinek, pikeun ngaraharjakeun masarakat Sunda.
“Awal ngadegna, Sastra Sunda masih ngagabung sareng Sastra Indonesia, dina papay

ung Program Studi Bahasa dan Sastra Indonésia dan Sunda. Kalawan sarjana Sastra Sunda mung dugi ka sarjana muda, kanggo ‘sarjana penuhna’ mahasiswa kedah neraskeun deui ka jurusan Sastra Indonésia.” Kitu nu ditétélakeun Drs. Teddi Muhtadin, M.Hum, ketua jurusan Sastra Sunda Unpad muka wangkongan.
Ayana kawijakan mung dugi ka sarjana muda, tuluy diprotés ku saurang mahasiswa Sastra Sunda munggaran, Otong Jayawisastra. Ieu mahasiswa teureuh Banjarsari téh tuluy protés ka réktor waktu harita, “Kuring jauh-jauh ti lembur ngadon sakola ka Unpad téh hayang neuleuman pangaweruh budaya jeung sastra Sunda, kari-kari ayeuna bet asa dianak térékeun, ngagantung teu puguh tungtungna.” Teddi Muhtadin nyapertikeun omongan Otong Jayawisastra.
Sastra Sunda ngadeg babarengan jeung Sastra Indonésia dina taun 1958 di Fakultas Sastra, kalawan ngadeg mandiri dina taun 1964. Kiwari, ti mimiti taun 2013 Fakultas Sastra robah jadi Fakultas Ilmu Budaya.

“Dina lalampahanana Sastra Sunda henteu mulus. Aya waktos-waktos nalika jurusan kurang peminat. Malah tug dugi ka aya wacana badé ditutup sagala, utamina dina taun 1970 katompérnakeun. Tapi harita aya nu haat tur nyaraah ka jurusan Sastra Sunda, kabuktosan ku seueurna seniman-seniman sareng sastrawan nu tos maroyan lalebet ka Sastra Sunda. Diantawisna aya Hidayat Suryalaga nu teras babakti ngawulang janten dosén, sastrawan Yoséph Iskadar sareng seueur ogé ti kalangan guru-guru,” ceuk ieu ketua jurusan teureuh Garut siga nu mulangkeun panineungan.
Ti ngawitan taun 1970 nepi ka kiwari mah stabil, malah ngaronjat. Puncakna dina taun 2013 peminat jurusan Sastra Sunda undak nepi ka 1500 urang. Ngaronjat manglipet-lipet ti taun saméméhna. Ngan hanjakalna, lantaran kawatesan ku staf dosén pangajar jeung rohangan kelas. Tina 1500 peminat nu ditarima mung 100 urang keur dua kelaseun.
Ngeunaan fokus jurusan kana widang “sastra”, Teddi Muhtadin sapamadegan jeung paraperintis Fakultas Sastra. Naha sastra, sabab ceuk anjeunna, sastra téh ngawengku basa jeung budayana, sastra patali langsung kana budaya sareng maké media basa. Sastra ogé di antawisna salaku alat ngarékam kebudayaan. “Upami urang badé lebet kana budaya naon waé, nu kahiji sabada neuleuman basana, tangtos waé kedah muk

a sareng ngartos sastrana. Margi dina sastra hiji sélér bangsa, nyampak imajinasi-imajinasina, kumaha cita-citana, wawasan sareng sajabina.”
Sababaraha lulusan nu gedé jasana dina kabudayaan Sunda, diantarana: Prof. Dr. Fatimah Djajasudarma, Doktor munggaran ti jurusan Sastra Sunda, kuntribusi kana basa Sunda diantarana mawa tur ngawanohkeun basa Sunda kana komunitas Internasional. Hal éta sajalan jeung Prof. Dr. Cece Sobarna, M.Hum., Drs. Hidayat Suryalaga nu nyongcolang dina widang drama, gagasan-gagasan kebudayaanana, tapsir tilawah Qur’an, nadoman sareng sajabina.

Dr. Undang A. Darsa nu tiasa maca naskah nu ku batur teu kabaca. Dina widang Sastra Sunda modern, aya Etti RS nu kungsi meunang hadiah rancagé dina widang jasa jeung karya sastra (kumpulan sajak Maung Bayangan). Etti RS nyongcolang jasana tumali sareng kamekaran sastra jeung basa Sunda. PPSS (Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda) nu dikokolakeun ku anjeunna harita pohara mekarna. Aya saba sastra ka unggal kabupatén jeung ka sakola-sakola, nyitak buku-buku karya sastra kalawan nu diutamakeun pangarang-pangarang nu can boga buku, temu-temu sastra jeung pasanggiri-pasanggiri. Ogé nu panganyarna aya Déni A Fajar nu dirancagéan pikeun karyana kumpulan sajakna Lagu Padungdung.

Ditilik pikahareupeunana, jurusan Sastra Sunda boga prospék nu hadé. Lantaran langka tur teu ngotok ngowo dina hiji widang, lulusanana bisa ka bula ka balé. Sok komo lamun dideudeul ku hal-hal lianna, saperti skill, kamampuhan IT (Teknologi Informasi), jeung basa asing. Lebah dieu, Teddi Muhtadin ogé negeskeun yén lulusananana bakal nyaho kana basa Sunda nu bener tur mernah, nyaho kana pangaweruh ngeunaan basa, sastra, naskah, sajarah ogé henteu kaliwat pangaweruh kasenian sareng kabudayaan Sunda.

Pikeun ngatik mahasiswana, disadiakeun matakuliah-matakuliah nu répréséntatif jeung pangabutuh pajamanan. Dina nangtukeun matakuliah, jurusan boga otoritas sorangan, tapi tangtu waé aya rambu-rambu ti Dikti, Universitas, sareng Fakultas. Hal éta kudu nyoko kana aturan-aturan anu aya jeung konvénsi kaélmuanana nu geus ditetepkeun.
Réngréngan dosénna dibagi kana tilu konsentrasi utama, sastra, filologi jeung linguistik. Sastra: Drs. Teddi Muhtadin, M.Hum, Drs. Taufik Ampera, M.Hum, Asep Yusup Hudayat, M.A, jeung Dian Amaliasari, S.S. Linguistik: Prof. Dr. Fatimah Djajasudarma, Prof. Dr. Cece Sobarna, Dr. Gugun Gunardi, Hera Meganova Lyra, M. Hum, jeung Asri Soraya, M. Hum. Filologi: Dr. Kalsum, Dr. Undang A. Darsa, Dr. Elis Suryani, Mamat Ruhimat, S.S, Rahmat Sopian, M. Hum. Aya ogé matakuliah Seni nu diasuh ku Lili Suparli M.Sn, jeung Samson Cms, M. Ikom.

Matakuliah Favorit

Di jurusan Sastra Sunda aya matakuliah unggulan nu difavoritkeun boh ku dosén boh ku mahasiswa. Matakuliah éta nyaéta KKL (Kuliah Kerja Lapangan). KKL biasana diayakeun saban taun, kalawan sebaran daérah tujuanana muter di tilu tempat, daérah basisir, gunung, jeung Baduy. Format KKL ampir sarua jeung KKN (Kuliah Kerja Nyata), ngan waktuna nu leuwih singkat (antara 4–7 poé). Tujuanana jinek, nyaéta néangan data nu patali jeung basa, sajarah, sastra, seni jeung naskah di masarakat, diutamakeun daérah-daérah nu singkur tur nu masih pageuh ngarumat nilai-nilai budaya Sundana.
“Sok janten kacapangan, upami acan KKL asa acan janten mahasiswa Sunda Unpad.” Kitu ceuk Drs. Taufik Ampera, M.Hum milu mairan, “Anapon unggal mahasiswa kedah ngalaman KKL ka Baduy, margi Baduy mangrupa prototipe masarakat Sunda pra-Islam, basana bénten, kitu ogé budayana nu nenggang ti kiwari sareng seueur pisan kearifan-kearifan lokalna nu masih utuh.” Pokna ieu dosén, nu sok dipercaya jurusan pikeun ngokolakeun KKL saban taun.

KKL téh minangka laboratoriumna di jurusan Sunda Unpad. KKL ogé sok dimangpaatkeun pikeun néangan data-data patali sareng naskah Sunda. Maluruh naskah waé upamina saur Dr. Kalsum, lamun dosén ka luar sosorangan pikeun néangan naskah, sok susah kacida. Tapi séjén deui lamun dina waktu KKL, bisa meunang puluhan naskah Sunda. Hal éta dihaminan ku Dr. Elis Suryani, malah waktu KKL taun 2013 di Suradé Sukabumi, Elis Suryani ngagondol puluhan naskah.
“KKL téh tiasa ngawanohkeun langsung mahasiswa kana: basa, sastra, filologi, seni jeung budaya. KKL ogé tiasa ngempelkeun data anu saseueur-seueurna.” Kitu ceuk Teddi Muhtadin, “Ngan kiwari mah matakuliah KKL téh kaancam, kulantaran aya kawijakan anyar UKT (Uang Kuliah Tunggal), janten jurusan teu tiasa nyuhunkeun kakirangan danana ti mahasiswa, sok sanaos rata-rata mahasiswa léah. Kawitna mah aya dana laboratorium ti universitas, tapi ku ayana kawijakan anyar, kiwari mah teu nyekapan.”
Salian ti KKL, aya ogé PKM (Pengabdian Kepada Masarakat) nu mayeng di jurusan Sastra Sunda. PKM salah sahiji bagian tina Tri Darma Perguruan Tinggi. Ieu mah modél pangabdian dosén-dosén sastra Sunda ka masarakat Jawa Barat (Sunda). Tos opat kali PKM dilaksanakeun di antarana di Baduy, Argapura (Majalengka), Suradé (Sukabumi) jeung ka Bungursari (Purwakarta). Tujuanana ngadugikeun pangaweruh luyu jeung kabutuhan masarakat.

Kapangurusan Teddi Muhtadin

Teddi Muhtadin jadi pupuhu prodi Sastra Sunda salila 2 priode, ti taun 2009 nepi ka 2014. Priode awal mung sataun ngajabat, lantaran ngaganti Taufik Ampera anu nuluykeun kuliah di UKM (Universitas Kebangsaan Malayasia). Salila Teddi Muhtadin ngajabat, Sastra Sunda geus mekar jeung huripna. Kalawan euyeub ku préstasi, puncakna dina taun 2013 nu dalaftar ka jurusan dugi ka 1500 urangna.
Sabada Teddi Muhtadin, kapangurusan bakal diéstapétkeun ka Dr. Undang A. Darsa, kalawan kiwari mah ganti format, tina pupuhu ayeuna mah jadi kordinator prodi. Nu ngajabat ogé kedah tos profésor, lantaran aya sistem linéar ka S2 jeung S3. Lamun euweuh profésor, doktor, atawa minimal golongan IV A.
Beuki ngaronjatna nu mikarep ka jurusan Sastra Sunda, lain gawé pihak jurusan waé, tapi teu leupas tina peran jeung préstasi dosén katut mahasiswa dina enggoning nyeungitkeun jurusan, boh prestasi ti Pamass (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) boh préstasi individu mahasiswa.

“Ti pihak dosén Prof. Cece Sobarna nu kungsi ngawulang di Cina sareng Prancis, Undang A. Darsa nu kantos ka Belanda dina raraga panalungtikan sareng kiwari keur tatahar ngawulang kelas jauh ka Mesir. Mahasiswana ogé teu éléh géléng, Evi Fuji Fauziyah angkatan 2009 anu hasil nyuprih élmu ngalangkungan ‘pertukaran mahasiswa’ ka Koréa Selatan (2011) sareng ka Amerika Serikat (2012). Kitu ogé Tim kesenian Unpad (nu seuseueurna mahasiswa Sastra Sunda) dina raraga hibah kesenian nu ngalanglang mancanagara, diantawisna ka nagara-nagara Eropa sareng Australia. Mariangna tangtos nyandak tur ngawanohkeun budaya Sunda.” Kitu ceuk Teddi Muhtadin bangun nu reueus.

Salian ti peran dosén jeung mahasiswa, peran himpunan mahasiswa Pamass (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda) ogé gedé kacida, di antarana waé janten pengembangan bakat, diajar organisasi, kesenian, olah raga, sareng sajabina. Dina kapangurusan Teddi Muhtadin Pamass dipernahkeun pikeun mantuan jurusan dina prosés ngajar, utamina dina widang kasenian sareng matakuliah non-sks. Dina taun 2013, Unpad (Pamass/Sastra Sunda) janten pribumi sareng presiden IMBASADI (Ikatan Mahasiswa Bahasa dan Sastra Daérah Indonésia).
Préstasi mahasiswa séjénna diantarana waé Evi Fuji Fauziyah, nu kungsi janten mahasiswa berprétasi di Fakultas sareng Universitas, Euis Siti Ramadani nu kenging IPK pangluhurna jeung Fera Febriani nu janten lulusan panggancangna (3,2 taun) dina wisuda Februari 2013. Taufik Setiadi Aras nu kénging IPK pangluhurna nu narima béasiswa Bidik Misi sa-Unpad dina wisuda Februari taun 2014. Dina widang kawirausahaan, aya Andi Kuswendi Armawinata nu hasil ngokolakeun dana bantuan kewirausahaan mahasiswa ti DIKTI sareng Unpad anu kiwari omsétna geus puluhan juta tur geus bisa jadi wirausaha muda, sok sanajan masih mahasiswa.
Dina ahir kapangurusanana, pikeun ngaraketkeun tali duduluran jeung papada dosén, Teddi Muhtadin ngagagas piknik babarengan sakulawarga.
“Piknik ka Pangandaran. Tujuanana mah supados masing-masing kulawarga terang naon padamelan sepuhna, saha waé réréncangan sepuhna di jurusan. Margi upami kulawarga klop sareng padamelan tangtos matak reugreug. Kanggo kahareupna mah piknik sapertos kieu bakal diagéndakeun, sabab ningal carogé, istri, sareng anak-anakna katingal barungaheun.”
Kahareupna Teddi Muhtadin ogé miharep sangkan sakabéh civitas akademik Sastra Sunda tatahar babarengan dina nyiapkeun prodi satra Sunda nu leres-leres bisa bersaing. Tina segi kurikulumna nu kedah digodog, métode pangajaran, sareng fasilitas kedah diperhatoskeun. “Teu kenging léha-leha, kedah lumpat ayeuna mah. Kitu ogé pikeun mahasiwana, kedah langkung fokus, sagedéngeun kaélmuan ngeunaan kasundaan sareng plus 2 hal, bahasa asing sareng TI (Teknologi Informasi). Hal éta taya lian pikeun ngigelan persaingan global jaman kiwari.” Teddi Muhtadin mungkas obrolan. (Taufik Rahayu)

#ieu naskah kungsi dimuat dina Mangle No. 2466 edisi Maret 2014