Monolog nu Ngajak Dialog

Essey Teddi Muhtadin

Monolog téh istilah anu kawengku ku dua widang seni anu béda tapi raket pancakakina, nyaéta drama jeung téater. Naha ari drama béda jeung téater? Aya nu nganggap sarua, aya ogé nu nganggap béda. Nu nganggap sarua nyebutkeun yén drama téh sinonim téater, tapi pikeun nu nganggap béda mah henteu kitu. Cenah, drama mah bagian tina sastra, ari téater bagian tina seni pintonan (performent). Pamadegan nu kadua ngécéskeun yén médium nu digunakeun dina sastra mah basa (vérbal), sedengkeun médium nu digunakeun dina téater mah usik (act). Sok sanajan kitu, dina téater ogé sok rajeun digunakeun basa (vérbal), malah nepi ka kiwari ogé téater anu maké basa (vérbal) téh dominan kénéh; tapi da tetep baé, basa vérbal dina téater mah lain médium anu utama. Kapan aya téater anu teu pisan ngagunakeun basa vérbal, upamana pantomim.

Dijujut tina asal-usulna mémang monolog téh bagian tina sastra. Dina Current Literary Terms: A Concise Dictionary (1980) sususan A.F. Scott ditétélakeun yén istilah monologue dina basa Inggris téh asalna tina basa Yunani nyaéta monólogos nu hartina ngomong sorangan atawa wangun dramatik nu disusun ngan keur nu minton saurangeun atawa dina naskah drama mah tujul kana omongan panjang ku hiji aktor nu aya di hareupeun nu séjén. Tangtu baé ieu istilah téh dipaké pikeun ngabédakeun istilah nu aya saméméhna, nyaéta dialog nu jadi dasar drama. Dina buku-buku panganteur kajian sastra anu nyoko kana sastra Barat, dumasar kana modus basa nu digunakeunana, biasana, sastra téh sok dibagi tilu dapuran, kayaning monolog, dialog, jeung campuran, nyaéta campuran monolog jeung dialog. Conto monolog nyaéta puisi, conto dialog mah drama, ari conto campuran nyaéta carita, boh winangun novél atawa carita séjénna. Tapi, nyaéta atuh, dina kanyataanana mah antara konsép jeung karya téh tara salawasna klop. Mindeng pisan papalingpang. Para ahli sastra atawa seni satékah polah ngarumuskeun fénoména nu hirup dina jagat seni nepi ka katiténan kumaha gékgékanana atawa padikana. Sabalikna, para kréator bangun nu ngahaja ngarempak sarupaning tetekon, pakeman, jeung sakur nu nyungkeret kréativitasna. Biasa pisan urang nangénan ayana puisi épis, novél puitis, atawa drama puitis.

Sacara konséptual kapan monolog mah modus basa puisi. Jeung kapan drama mah modus basana ogé dialog. Kari-kari ayeuna aya nu disebut drama monolog. Naha ieu téh kaasup kana contradictio in terminis? Nyaéta istilah nu tojaiah.

Dina lebah dieu urang bisa ngécéskeun yén nu disebut dialog téh taya lian ti anyaman monolog nu disusun dina rarancang pertanyaan jeung jawaban katut paréntah jeung tindakan. Upama hiji tokoh dina drama méré pertanyaan, tokoh nu séjén pasti méré jawaban. Ari jawabanana mah rupa-rupa, bisa jadi jawabanana téh mangrupa pertanyaan deui. Kitu deui lamun hiji tokoh méré paréntah, pasti tokoh nu séjén ngaréspon ku tindakan. Sarua deuih, ari tindakanana mah rupa-rupa, kaasup nolak pikeun nyieun tindakan. Ku lantaran dialog téh diwangun ku monolog ilahar pisan dina drama Barat mah monolog téh nya mangrupa cutatan tina salah sahiji dialog nu ditepikeun ku hiji tokoh. Di urang mah asana mintonkeun monolog nu mangrupa cutatan tina hiji naskah drama téh can ilahar. Ari lain dina latihan téater mah.

Nya ku lantaran naon nu disebut dialog téa disusun ku runtuyan monolog nu dijalujur dina pertanyaan-jawaban katut paréntah-tindakan, atuh monolog téh teu bina ti Si Sabeulah nu usaha satékah polah nyungsi beubeulahan séjén dirina anu teu hadir, sangkan gembleng tur gumulung. Cindekna, monolog téh dina enas-enasna mah teu weléh ngajak dialog.

***

Sok sanajan, boh monolog minangka karya sastra boh monolog minangka pintonan, saméméhna kungsi aya; tapi ari Pasanggiri Nulis Naskah Monolog Basa Sunda (PNNMBS) jeung Pasanggiri Monolog Basa Sunda (PMBS) mah manggupa kagiatan anu munggaran pisan. Kitu deui buku Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda kaasup buku monolog Sunda nu munggaran deui waé. Di lebah dieu minangka calon-calon inteléktual, Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass) Unpad geus naratas hiji kagiatan nu gedé mangpaatna pikeun kamekaran basa, sastra, seni, katut budaya Sunda ku cara ngangkat salah sahiji karya sastra jeung seni pintonan anu acan atawa kurang dipikawanoh ku balaréa. Lian ti éta, anu perlu diaprésiasi téh palebah rumajana. Kiwari urang ngarasa hariwang ku kamekaran basa katut sastra Sunda, tapi ari penerbitan buku Sunda, contona, bet némbongkeun piramida nu tibalik. Kapan kamekaran sastra nu séhat mah, pantesna, bacaan pikeun barudak jeung rumaja téh kudu leuwih loba batan bacaan pikeun nu daréwasa. Ayeuna mah sabalikna.

Tacan kapaluruh ti mimiti iraha ayana monolog dina basa Sunda. Dina harti karya nu mandiri nyaéta husus pikeun pintonkeuneun téa. Da ari karya sastra atawa pintonan anu sipatna monolog mah geus aya di baheula ogé. Pantun téh kapan monolog. Dina lebah dieu perlu aya panalungtikan husus ngeunaan monolog. Sok sanajan kitu, keur saheulaanan, ukur nu nyangkaruk dina ingetan ieu mah, minangka pintonan, monolog dina basa Sunda mimiti popular dina pertengahan taun 1990-an nyaéta waktu Wawan Sofwan mintonkeun monolog “Oknum” nu diadaptasi tina carita pondok “Oknum” karya Hadi AKS. Éta monolog ku Wawan dipintonkeun di Bandung jeung di The Melbourne Fringe Féstival (1995), KSG-Saal, Bérlin (1996), Tasikmalaya, Ciamis, Bandung, Garut, Dénpasar (1997), jeung di IKIP Bandung (1999). Lian ti éta, Wawan jeung énsambel Maintéater ogé mintonkeun monolog “Pidato Si Jalak Harupat dina Sidang Volksraad” karya R. Otto Iskandar Dinata di Pendopo Kota, Bandung (2001). Di Fakultas Sastra Unpad Jatinangor Dian Héndrayana (1994 jeung 1997)  midangkeun monolog “Si Oyik” nu diadaptasi tina carita pondok “Uing mah Neunggeul si Jago” karya Budi Rahayu Tamsyah.

Bet inget kana sajarah munggaran ayana naskah drama dina basa Sunda, mimitina mah kapan mangrupa adaptasi tina carita-carita nu geus aya. Kakara kabéhdieunakeun aya naskah-naskah drama anu husus keur pintonkeuneun. Contona, drama-drama kawas “Lutung Kasarung”, “Sang Kuriang”, jeung “Mundinglaya Dikusumah” kapan mangrupa adaptasi tina carita pantun jeung dongéng. Béda jeung drama-drama kawas “Raja Wales”, “Tongérét Banén”, atawa “Pundén-pundén nu Rarempag” nu husus ditulis keur pintonkeuneun.

***

Matak bungah niténan naskah-naskah monolog nu aya dina ieu buku Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda. Jumlah-jamléh naskah nu aya dina éta buku téh aya 22 judul. Naskah anu kungsi dipidangkeun dina PMBS I jeung II 8 judul, tina pasanggri 12 judul, ditambah ku 2 judul kagegelan ti sastrawan jeung dramawan Hadi AKS jeung Yuséf W. Muldiana. Atuh pangarangna kaitung rempeg. Aya Hadi AKS, Déni A. Fajar, Enang Rokajat Asura, Dian Héndrayana, Nazarudin Azhar, É.D. Jénura nu geus leuwih tiheula nulis dina basa Sunda, jeung aya pangarang-pangarang nu nulis kabéhdieunakeun saperti A.Y. Hudayat, Ayi G. Sasmita, Yuséf W. Muldiana, Iwan M. Ridwan, Érwin Wahyudi, Yosép Rustandi, jeung Ikhsan Gumelar. Sacara gender, pangarang lalaki leuwih dominan batan pangarang wanoja. Aya 13 pangarang lalaki, tapi ngan saurang pangarang wanoja. Tapi sok sanajan kitu, naskah monolog “Kuda Waja” jeung “Monster” nu jadi juara dina PNNMBS ditulis ku wanoja, nyaéta É.D. Jénura.

Naskah monolog pikeun rumaja dina ieu buku ogé némbongkeun hal-hal nu béda boh dina téma, boh dina anasir lianna, kayaning latar, basa, katut masalah anu disanghareupan ku para tokohna. Dumasar kana kasang tukang tokohna aya rumaja nu hirup di pilemburan, jeung aya rumaja nu hirup di perkotaan. Masalah nu disanghareupanana ogé béda-béda. Aya masalah-masalah nu disanghareupan di imah, di sakola, jeung aya masalah nu disangkareupan di lingkungan masarakat. Témana aya nu patali jeung cinta, kajujuran, idéntitas, atawa kabébasan. Kitu deui basa nu digunakeunana, aya anu gembleng ngagunakeun basa Sunda, tapi aya ogé nu direumbeuy ku basa Indonésia jeung Inggris.

Enya henteu kabéh naskah ngagambarkeun kahirupan mangsa rumaja, pangpangna naskah-naskah nu kungsi dijadikeun pilihan dina PMBS I jeung II. Sababaraha naskah écés ngagambarkeun kahirupan tokoh-tokoh nu geus laki rabi. Sok sanajan kitu, kuring satuju éta naskah-naskah téh diabadikeun dina ieu buku sangkan henteu bacacar nu antukna leungit atawa kapopohokeun.

Pamungkas, warna-warnina naskah monolog nu aya dina buku Kuda Waja: Antologi Naskah Monolog Sunda saenyana mangrupa dialog, pangpangna ngajak dialog ka sugri anu macana.

Lélés, 20 Séptémber 2016

Leave a Reply

Your email address will not be published.